Rabu, 21 November 2012

Budaya Sunda

Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan nimbulkeun ajen seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung ngamekarkeun pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji bangsa.
Urang sadaya parantos maphum yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat, suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat. Alhamdulillah ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara jeung palasipah nagara, sanajan beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto Bhineka Tunggal Ika.

Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu raket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun jadi sewang-sewangan. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya Sunda.Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Atuh rahayatna mah dikudukeun pisan. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, alat pikeun ngarojong basa nasional, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.

Lamun ku urang dibandungan dina kahirupan sapopoe, katinggalina para rumaja ayeuna loba anu kurang wanoh kana basa Sunda. Memang, henteu sakabeh rumaja di Jawa Barat ngabogaan sikep saperti kitu. Tapi hal ieu kudu jadi kaprihatinan urang sarerea. Sabab saha deui anu bakal miara basa Sunda teh iwal ti urang sadayana, para rumaja. Ulah nepi ka urang Sunda teu wawuh kana basa Sunda. Kacida teungteuingeunana lamun hal eta karandapan ku urang Sunda.

Naon sababna rumaja ayeuna asa kurang reueus kana basa Sunda. Lamun dipaluruh, salah sahiji sababna nyaeta ayana anggapan yen basa Sunda teh hese diulik, hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, teu demokratis, kapangaruhan ku feodalisme, basa Sunda teu ngindung ka waktu teu ngabapa ka jaman, jeung rea-rea deui alesan sejenna.
Padahal dina jaman ayeuna anu disebut era globalisasi jeung era informasi, babari pikeun urang neangan sumber, alat atawa literatur keur neuleuman basa Sunda, boh eta dina tipi, radio, buku, majalah, atawa koran.

Da kumaha ieu mah, lamun lalajo tipi nu dilalajoanan teh saukur pilem luar negeri jeung acara musik wungkul. Sinetron basa Sunda, wayang, hiburan tradisional Sunda, jeung acara nu ngagunakeun basa Sunda mah jigana tara ditolih-tolih acan salian ti lalaguan. Atuh dina radio sarua deuih, jigana rumaja ayeuna leuwih nyaho nu ngarana Aghata Christi, Enid Blyton, Ian Fleming, batan pangarang-pangarang Sunda saperti Yus Rusyana, M.A. Salmun, Ajip Rosyidi, Karno Kartadibrata jeung R. Ading Affandi. Kuduna mah urang teh ngarasa reueus kusabab di Jawa Barat, di tatar Sunda loba pangarang anu produktif,anu bukuna bisa dibaca ku urang, aya keneh majalah jeung koran basa Sunda anu bisa dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun basa jeung budaya Sunda.

Cindekna mah lain ulah nyaho kana budaya deungeun, tapi ulah nepi ka budaya sorangan ditampolerkeun.Dina basa Sunda aya nu disebut undak-usuk basa, unggah-ungguh anu luyu jeung tatakrama basa. Hormat ka batur, ka saluhureun jeung ka sahandapeun. Ieu lain hartina basa Sunda kapangaruhan ku feodalisme, tapi nunjukkeun ajen luhur tina basa Sunda anu ngahargaan ka sasama manusa. Ulah nepi ka undak-usuk basa teh jadi hahalang pikeun ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoe.
Ti baheula basa Sunda geus bisa narima pangaruh ti basa nu lain anu disebut basa kosta. Loba pisan basa kosta anu geus jadi basa Sunda. Teu bener lamun aya nu nyebutkeun basa Sunda teh teu demokratis, teu luyu jeung jaman jeung nutup diri tina pangaruh luar.

Dina kasempetan ieu kuring umajak ka para saderek sadaya, hayu urang babarengan miara basa Sunda. Nya rumaja ayeuna nu boga tanggung jawab pikeun ngamumulena. Mun ti ayeuna geus ngapilainkeun ka basa sorangan, eta teh karugian keur urang tatar Sunda hususna, jeung nagara umumnya.

Kacida deudeuhna lamun jaga anak incu urang basa Sundana deet pisan, kabeungharan kecapna bisa diitung ku ramo, komo kamampuan ngarang dina basa Sunda jeung ngapresiasikeun sastra Sunda. Kacida ngagerihna hate urang jeung karuhun-karuhun urang lamun anak incu urang teu nyahoeun deui saha ari udeg-udeg teh, naon ari lengkob, ngaseuk, sapocong, wanci pecat sawed, usum ngijih, jamotrot, bocokol, pagupon, paranje, teu bisa ngabedakeun antara boga, gaduh, jeung kagungan. Boa-boa lamun hayang diajar basa Sunda jeung sastra Sunda oge kudu ngulik ka mancanagara, ka Walanda, kusabab di Indonesia euweuh ahlina. Atuh basa Sunda teh kari waasna wae, kari sajarah, yen di tatar Sunda, di Jawa Barat teh baheulana marake basa Sunda.

Sakali deui kuring umajak, ngamumule basa Sunda teh lain tanggung jawab pamarentah wungkul, lain tanggung jawab sastrawan jeung budayawan Sunda wungkul, tapi tanggung jawab urang sarerea, para rumaja.Saha deui nu baris ngajaga hirup-huripna, ngariksa, miara basa Sunda teh iwal ti urang. Lamun urang ngamumule basa Sunda lain hartina urang primordialis atawa provinsionalis, tapi urang geus ngajaga jeung ngamekarkeun budaya daerah, budaya nasional, geus milu partisipasi dina pangwangunan PJP II utamana di Jawa Barat.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar